Merdéka, Ma!
Ku: Ratna Ning Ma...”
HAREWOSNA kareungeu deui, laju ngahiang hiber kana embun-embunan. Noyod ngolembar Riyab ka bawa angin simpé.
Daun jambu maluguran. Kembangna ngayang na lemah. Di luhur hiji dua ranggeuy pating arulang. Duka nu mana nu rék jadi buah. Keun rek ditungguan.
“Moal ingkah, Ma?”
Manéhna gideug.
“Hayu...!” Leungeun nyolongkrong. Ukur dipelong.
Siga nu sangsi. Tapi bongan pan geus kaiket ku pasini. Keun rek di dieu. Cicing jeung hunyudan tutunggon. Hirup geus akur jeung congo pohpor.
Bulan kari sapasi nu kamari. Geus kureb deui. Kungsi poek peteng peuting, nyeuit ku séléké simpé.
“Geus tonggéras, Ma, bulan nonggongan deui. Moal ingkah?
Gideug.
Tuh geuning, teu weleh tepung deui jeung peuting hibar ku cahya, buleud bulan ketir bentangna. Jeung mangréwu cahaya mabra di buana.
Beurang matapoé cangra, raweuy rupa beureum bodas gugupay dipirig angin.
“Merdéka, Ma!”