• Selasa, 26 September 2023

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

- Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

jabaribernews.com -- Reueus, dipangmeulikeun baju lebaran ku salaki. "Ti jongko sésa ékspor," cénah. Alias loakan téa meureunan. Tapi da kasebut loakan gé aralus kénéh pisan. Keur si Nénéng, busana muslim sasetél, baju kaos dua, calana panjangna hiji. Mani surak ajrag-ajragan, harita kénéh langsung diajaran hiji-hiji. Keur kuring baju gamis dua. Nu hiji pulas héjo ngora dipaés payét lebah dada, hiji deui warna bodas rapang ku muté harérang mani buburicakan. Nu bodas mah keur pakéeun engké Raya. Nu hejo ngora tuluy dipaké ayeuna ka pangaosan. Tablig Akbar di Masjid Désa. Pédé ayeuna mah milu ngabring jeung ibu-ibu majlis ta'lim téh, da maké gamis ginding, unggal mah rék ula-ilu téh éra teu boga baju nu mantes.

Baca Juga: 8 Poin Alasan Penting untuk Meninggalkan Budaya Jam Karet


Anjog ka tempat pangaosan, kasampak masjid geus pinuh, kuring sabatur-batur geuwat marilihan tempat. Palebah lawang asup, aya budak awéwé ngengenyang leungeun indungna, nununjuk ka kuring bari nyorowok tarik pisan, "Mamah! Mamah! Itu siga gamis mamah nu basa kapungkur ical tina jemuran!!" ***

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X