jabaribernews.com -- Saban WANCI, beurang jeung PEUTING, mimiti BALÉBAT pajar, karuhan dina WAKTU DUHA, hirup ukur PALOBA-LOBA harta, pagedé-gedé huap leuwih gedé batan huap GAJAH. Teu hariwang najan jadi JADI JALMA TUKANG MACIKEUH bari TUKANG NYAWAD batur. Taya rasa sukur, ku NI'MAT NU KACIDA LOBANA, teu hayang TULUNG-TINULUNGAN ku BARANG NU GUNA kalayan IHLAS manahna. Dibéré KATERANGAN NU TÉTÉLA ti Rasul BANI QURAISY, manéhna kalah BAEUD. Padahal manéhna ukur mahluk nu dijieun tina GETIH SAKEUPEUL, dibéré KAMULYAAN jeung PITULUNG ku NU MAHA LUHUNG. Hirup JEMBAR, subur tumuwuh sarupaning pepelakan, anggur, BUAH TIN jeung sajabana, perhiasan reunceum lir BÉNTANG NU NARAWANGAN tengah peuting.
Oge dibere BÉJA yén rék datang KAJADIAN NU RONGKAH, NU NGAGEUMPEURKEUN sakumna MANUSA. Alam dunya GÉNJLONG. SRANGÉNGÉ DIGULUNGKEUN. GUGUSAN BÉNTANG dumadak BEJAD. Langit BAREULAH. Moal aya hiji NAGRI pikeun panglumpatan, najan ngabecir lir kuda perang NU LALUMPAT gancang, najan ngudag béntang NU GANCANG PINDAHNA, Malaikat nu nyabut bakal ngadatangan. Kadituna, dihijikeun jeung JALMA-JALMA KAPIR, siga ABU LAHAB, jadi suluh naraka NU NGENTAB-NGENTAB. ***
Artikel Terkait
Pupujian Eling Eling Umat Pikeun Ngajak Sholat , Aya Dina Wangun Lagu Rap ti Ebiet beat A
Juz Amma, Sarta Harti Tiap Suratna dina Basa Sunda
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting
Pupujian Anak Adam, Ngelingan Umat kana Ajal nu Bakal Datang
Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.
Pupujian Gusti Urang Sarerea, Nadhom Sajarah Nabi Muhammad SAW, Bag. II
Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan