jabaribernews.com -- Geus panggih deui jeung bulan puasa. Sok tingsérédét haté unggal nyanghareupan bulan éta. Lain, lain pédah bulan puasa téh bulan suci nu cénah loba barokahna. Pajar cénah dina bulan puasa mah lawang tobat téh muka sagedé-gedéna. Keur lain bulan puasa gé tobat téh hayang kacida. Rumasa awak bobolokot ku dosa. Tapi dalah dikumaha.
Ti puasa taun mana boa hayang geura eureun gawé. Capé. Utamana mah capé haté. Hayang teuing bulan puasa téh siga nu lian. Janari hudang, saur babarengan jeung salaki katut anak-anakan, beurang tingalabring jeung tatangga tur babaturan ka pangaosan, ka dituna tuluy balanja ka pasar atawa ka toko swalayan, pabuburit ngariung tadarusan, peutingna berjama'ah tarawéhan.
Baca Juga: Tradisi Perkawinan Sunda, Bagian I : Menjelang Upacara Pernikahan
Hanjakal ukur kahayang. Tadina sugan jeung sugan, puasa taun hareup mah geus teu rarangdaan. Aya nu nganapakahan, teu kudu kikieuan. Tapi harepan ukur harepan. Ti taun ka taun taya waé lalaki nu nanyaan. Komo ayeuna umur geus ngolotan, hulu tilu gé geus rék cueut ka angka salapan. Panghasilan mimiti ngorotan. Beuki loba saingan, jul-jol nu ngarora nu cara gawéna ogé maké pakakas nu ngindung ka jaman. Teu cara kuring nu masih kénéh maké cara kabaheulaan. Mangkaning si sulung geus mangkat parawan. Taun hareup geus kudu asup ka SMP. Biaya sakola tangtu waé beuki gedé. Can adina nu di SD. Bapa tegesna mah geus moal maliré. Ripuh ku pamajikan anyar nu rendey ku anak téré.
"Tring...!" Sora hapé disada. Aya chat WA, geuwat dibuka: "Tar mlm jam smbilan. dtunggu d hotel priangan." Ti Om Herman. Langganan. Lumayan, aya keur bekel saur munggaran. Ah, jam salapan mah kaburu heula tarawéhan. Rék ngadu'a sangkan unggal peuting aya nu ménta jasa, tur lancar taya rajia. Sangkan boga keur bekel raya. ***
Artikel Terkait
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Fiksimini Sunda: Jatukrami
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting
Fiksimini Sunda: Gamis Sarimbit jeung Kelom Beureum Ngora
Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral
Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada