jabaribernews.com -- Darpan leumpang sakaparan-paran mapayan jalan. Teu babawaan, ukur pakéan saraket awak, teu disendal-sendal acan.
Geus ampir saminggu badarat ninggalkeun lembur. Diusir ku tatangga jeung ku dulur. Nongtoréng kénéh pok-pokan lanceukna: "Ingkah siah! Tong hayang nyicingan imah Abah! Indit sing jauh! Aing teu sudi neuleu beungeut sia!"
Darpan rumasa, Abah kagegeringan alatan polah manéhna, tug nepi ka palastrana. Ku Abah dijajah-jeujeuh nyiar élmu nyiar kipayah, dasar Darpan wangkelang, gawé ngan ulin abring-abringan, nyandu kana inuman, jeung obat-obatan.
Malahan mah Abah nepi ka ngajual sawah keur nebus Darpan nu ditahan alatan katéwak keur ngonsumsi obat terlarang. Pakaya dijualan keur mélaan Darpan, da ka ditu ka dieu gawé ngan anjuk-hutang, dina waktuna Abah gering teu boga keur tatamba-tatamba acan.
Baca Juga: Galaksi Kita Bimasakti, Nampak Bagai Jalur Susu dari Seorang Dewi Yunani
Ayeuna Darpan langlang-lingling teu boga pamuntangan. Indit teu puguh tujuan. Ngan aya nu kaimpleng ku Darpan, baheula lulus SD ku Abah didaptarkeun ka pasantrén di Panawangan. Poho deui ngaran pasantrénna mah, da karék saminggu mondok manéhna kabur, teu betah. Ngan Darpan inget ka ajengan nu mingpin éta pasantrén, ngaranna Kyai Mahmudin. Rupa jeung pangawakanana persis Abah. Bageur deuih, susuganan atuh éta kyai daék narima manéhna mondok di dinya. Itung-itung nuluykeun kahayang Abah baheula, sugan wé bisa jadi tetebus dosa.
Ngarasa capé leumpang, Darpan ngajémprak sisi jalan, poé ieu can manggih kadaharan. Jalma nu ngaliwat tingpalieus, tingbalieur nempo manéhna. Geus badis wé jalma gélo, beungeut kuleuheu, buuk awut-awutan, pakéan uradutan, kulit geus pagalo antara késang, daki, jeung tato. Teu puguh di rupa, da puguh geus sabaraha poé teu mandi.
Ngong sora adan, Darpan rungah-ringeuh, horéng hareupeuna aya masjid. Lah, rék milu saré, pikirna.
Baca Juga: Pangguyangan yang Masih Menyimpan Sisa-Sisa Keangkeran Masa Silam
Darpan nyangsaya di émpér masjid. Jalma nu bubar berjama'ah tingrarérét, tingharéwos bari mencrong nelek-nelek warugana. Ku Darpan teu dipaliré. Sabodo ah, aing mah hayang saré, leuseuh. Alak-ilik néangan tempat paabdasan, hayang nginum niatna mah, hanaang. Rét kana plang hareupeun gang di gigireun masjid: "Pondok Pesantren Nurul Hidayah Panawangan."
Ké, asa éta ngaran pasantrén nu baheula téh. Curinghak, alak-ilik ka sakuriling, heueuh... sigana mah nyaan di dieu. Pasantréna téh da asup gang gigireun masjid. Baheula mah masjidna leutik. Ayeuna mah loba nu robah, malum geus welasan taun ka tukang basa ku Abah dituyun dibawa daptar ka ieu pasantrén.
Darpan nangtung, nguriling ka tukangeun masjid. Asana mah imah ajengan téh tukangeun masjid. Ngan manéhna helok. Ayeuna mah loba imah di lebah dinya. Ari imah kyai Mahmudin nu mana nya?
Alak-ilik ngurilingan unggal imah, teu nyadar yén aya sababaraha jalma nu keur merongkeun polah manéhna.
Baca Juga: Tradisi Perkawinan Sunda, Bagian II: Pada Hari Akad Pernikahan
Keur bingung kitu, aya budak awéwé liwat. Reuwaseun pas pajonghok jeung Darpan. Geuwat ditanya: "Héy, ari imah kyai Mahmudin nu mana?"
Éta budak soak, batan némbal kalah lumpat. Ngabecir. "Éh, budak téh belegug, ditanya kalah mabur," Darpan kukulutus, teu nyadar kana kaayaan manéhna nu pikasoakeun budak.
Kumaha atuh, téangan waé ka pondok, kitu? Sabot keur hulang-huleng mikir, teu kanyahoan timana holna, ujug-ujug rob! Loba jalma ngepung manéhna.
"Téwaaaaak!!!" Gorowok nu saurang. Darpan reuwas nempo jalma ampir dua puluh urangna geus ngurilingan manehna bari marawa pakarang jeung tingjorowok teu puguh kadengena. Rék lumpat, lumpat ka mana?
Jebot! Punduk Darpan diketig ti tukang. Darpan katurelengan, jojolongjongan, can bisa menerkeun kasaimbangan, sukuna aya nu ngaréngkas, bru, Tikusruk.
"Buru borogod!!!"
"Talina mana, tali?!" Jalma tingcorowok. Darpan ngadapang, leungeun ditalian ka tukang. Suku jeung tonggongna dijarejekan, ditaringcak teu bisa cengkat. Teu lila tuluy disaréréd. Darpan gogoakan ampun-ampunan. Teu dipaliré.
Artikel Terkait
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Fiksimini Sunda: Jatukrami
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting
Fiksimini Sunda: Gamis Sarimbit jeung Kelom Beureum Ngora
Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral
Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada