• Jumat, 29 September 2023

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

- Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB
Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda.
Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda.

jabaribernews.com -- Jam sabelas peuting pamajikan ngageuingkeun, "Rék ngaronda, moal?"
Maksakeun hudang sanajan bari horéam. Inget kana kawajiban. Sasarina mah mun jadwal ngaronda  sok disalampeur ku Mas Éko  jeung Si Uus. Aya béja duanana ogé garering. Kapaksa peuting ayeuna ngarondana ukur duaan jeung Mang Ocid.
Ari Mang Ocid, ngaronda téh ukur mindah saré. Tara daék diajak nguriling, ngaguher wé di pos kamling nepi ka isuk janari.

Baca Juga: Pupujian Eling Eling Umat Pikeun Ngajak Sholat , Aya Dina Wangun Lagu Rap ti Ebiet beat A

Anjog ka pos ronda, enya wé kasampak mang Ocid geus ngaringkuk diharudum sarung nyanghareup ka juru. Ku kuring lebah bujurna ditoélan ku sénter.
"Mang! Hudang, Mang! Hayu patroli!" Nu morongkol angger ngaréngkol. Ditoél deui, "Mang!"
Hiliwir... peledek... "Gélo! Kalah némbalan ku bujur!" Kuring ngajleng ngajauhan nu nonggéng, "Anjir!!! Naha tas dahar nanahaeun, Mang Ocid?! Hitut bet bau-bau teuing?! Hangru! Bijil jeung bukurna sugan?"
Nu boga lalakon angger tibra, teu maliré ka nu keur uhak-ohék ngambeu nu beuki mabek.
Ahirna ngincid sorangan bari ambek. Najis kudu nungguan nu keur réhé ngabangké.
Ngagidig sorangan ngurilingan paimahan bari mupul beas pérélék, diwadahan dina kérésék.

Baca Juga: Kabandang ku Kuda Lumping Buku Sunda Kénging Ahmad Bakri, Balukar Keur Budak nu Hésé Diatur

Barang nepi ka imah Mang Ocid, kasampak wadah pérélékna kosong kénéh. Sigana pamajikanana pohoeun, teuing geus mihapé tadi ka Mang Ocidna bari indit. Tamba panasaran  dicalukan: "Pérélééék!"
Pamajikan mang Ocid némbalan : "Ronda?! Iwan lain?!"
"Eu!"
Teu lila kadéngé sada nu guntreng di jero, tuluy kulutrak, panto hareupna muka.
"Duh, hampura, Wan! Kasaréan!"
Kuring olohok, ngahunted, geuning nu bijil téh Mang Ocid, ari nu di pos ronda tadi....
Rey, muringkak bulu punduk. Inget ka nu ngaringkuk jeung bau bugang nu tadi disangka bau hitut. ***

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X