Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

- Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB
Fiksimini Sunda Hayang Ulang Taun.
Fiksimini Sunda Hayang Ulang Taun.

jabaribernews.com -- Gulak-gilek hareupeun eunteung. Dibaju lékbong pulas kayas, rimbil ku muté buburicakan, palebah cangkéng dibeulitan pita kembang, dina tonggong ngadaplok hiasan siga jangjang. Siga Tingkerbél, ceuk si Nisa mah, teuing saha ari Tingkerbél da teu apal.

Buuk sacewir diuntun disampaykeun kana taktak, dina embun-embunan dicongcloan mamakutaan leutik nu pakborélak hérang. "Siga Élsa, ihihihi..." ceuk Nazwa jeung Cika, ting cirihil tukangeun. Saha deui éta Élsa, rupa-rupa waé.

"Néng Nazwa! Néng Cika! Énggal antosana di dieu!" Indung-indungna ngagareroan ti tepas hareup. Budak nu duaan kalaluar ti kamer.
Kuring ngeunteung sakali deui, umat-imut, reueus nempo biwir ambucuy beureum ku gincu. Geus seubeuh ngeunteung, tuluy nyusul kaluar kamar bari haté bungangang. Teu sabar hayang geura niup lilin, ngeureut kuéh bolu terus mukaan kado.

Baca Juga: Rina Nose Menggunakan Dialog Bahasa Sunda dalam Peran Nur Gadis Centil di Sitkom Anak Sekolah

Tibabaheula hayang pisan ngalaman ngareuah-reuah tepung taun. Ngan teu ditarurutkeun. Kalah disaleungseurikeun.
Kamari basa nyaksian si Nisa tepung taun ka salapan raraméan direuah-reuah ku kulawarga jeung sakabéh babaturan, kuring pundung, nepikeun ka kagegeringan. Nya kulawarga salurti yén kuring aya kahayang anu can katedunan, nya ahirna teu burung diturutkeun. Ayeuna ngahaja nyieun acara, nu sagalana sarwa sarua jeung basa acara tepung taunna Nisa. Sanajan tanggal lahir kuring mah teuing iraha, teu pati dipiroséa.

Di tengah imah nu didékor pinuh ku pita jeung babalonan, geus nyampak kuéh ulang taun dina luhur méja, keur diriung-riung ku barudak jeung indung-indungna. Aya kana salawé urangna tinggarulung di sarohangan tepas. Aya si Nisa, si Najwa, Cika, Padli, Rija, Dapa, tuluy ... saha deui éta téh nya? Paroho deui ngarana.

"Hépi beusdéy tu yuuu... hépi beusdey tu yuuu..." Barudak nyaranyi bari kaleprok.
"Sok tiup lilina!" ceuk mamahna Riza.
Kuring narik napas sapinuhna, tuluy: "Puh!" lilin ditiup satarikna. Uhul, uhul, dituturkeun ku batuk. Lilin angka 99 pareum.
"Horééé! Selamat ulang taun, Eniiiiiin!" Raéng sakabéh incu-incuan katut buyut, tuluy kabéhanana tingcalakatak. ***

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X