jabaribernews.com -- pupujian "Rundayan Nabi" téh eusina ngeunaan raratan karuhun atanapi Nasab Kangjeng Nabi Muhammad SAW. anu mulya. Sanaos nu dikauninga mung dugi ka Adnan. Kadituna urang pada terang yén Kangjeng Rasulullah masih turunan Kangjeng Nabi Ibrahim as. ti Nabi Ismail as.
Ieu rumpaka atawa babacaan pupujian/Nadhom Rundayan Nabi:
Wajib ka jalma Islamna
Uninga rundayanana
Jeung Nabi Utusan Allah
Muhammad putra Abdullah
Abdullah putra Muthalib
Muthalib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Qushay
Qushay putrana Kilab
Kilab putrana Murrah
Murrah putrana Ka'ab
Ka'ab putrana Lu'ay
Luay putrana Ghalib
Ghalib putrana Fihir
Fihir putrana Malik
Malik putrana Nadhar
Baca Juga: Rupa-Rupa Seuri dina Basa Sunda
Nadhar putra Kinanah
Kinanah Bin Huzaimah
Huzaimah putra Mudrikah
Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana Mudhar
Mudhar putrana Nizar
Nizar putrana Ma'ad
Ma'ad putrana Adnan
Ti Adnan dugika Adam
Teu wajib diuningana
Ti Adnan dugika Adam
Sabab taya jalan Shohéh
Jeung wajib diuningana
Rundayan nu ti ibuna
Jeung Nabi utusan Allah
Muhammad putra Aminah
Aminah putrina Wahab
Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhrah
Zuhrah putrana Kilab
Tepang deui jeung ramana
Di Kilab janggawaréngna
Jadi ibu jeung ramana
Masih kénéh sarundayan ***
Artikel Terkait
Nadhom Syafaatul Uzma Paciweuhna Manusa Néangan Pitulung di Padang Mahsyar
Pupujian Eling Eling Umat Pikeun Ngajak Sholat , Aya Dina Wangun Lagu Rap ti Ebiet beat A
Pupujian Anak Adam, Ngelingan Umat kana Ajal nu Bakal Datang
Doa Nabi Adam Memohon Ampunan Setelah Terusir dari Surga, Dilengkapi Nadhom Bahasa Sunda.
Pupujian Gusti Urang Sarerea, Nadhom nu Eusina Nyarioskeun Sajarah Nabi Muhammad SAW Bag. I