jabaribernews.com -- Kulawarga Pa Hartawan kacaturkeun minangka kulawarga nu sampurna di lingkunganana. "Keluarga Ideal" ceuk istilah para pupuhu lembur mah.
Pa Hartawan téh tadina mah ukur pamuda basajan nu jolna ti pakampungan, ti pilemburan nu singkur di pucuk ibun, digawé ka kota, motékar, ku kaparigelanana ayeuna jadi pangusaha nu kawilang jugala.
Pa Hartawan meunangkeun jodo ka Non Marisa, anak jalma aya, nya geulis, nya sarjana. Tuluy boga budak, awéwé kakara hiji-hijina, ngaranna Néng Alisa, nu kiwari geus ningcak umur salapan taun. Geulis jeung pinterna nurun ti indung. Di sakola salawasna jadi juara.
Baca Juga: Doa Nabi Adam Memohon Ampunan Setelah Terusir dari Surga, Dilengkapi Nadhom Bahasa Sunda.
Pa Hartawan sakulawarga cicing di gedong sigrong. Pada maruji, ngurus imah sagedé-gedé teu maké tanaga pembantu. Sagala ditangkes ku Non Marisa nyalira. Ngurus bisnis, ngurus imah, ngurus budak, nepi ka masak, sagala bisa.
Siga peuting ayeuna, tuang sasarengan sakumaha biasa. Non Marisa masak opor hayam jeung pais nila.
"Néng, abisin atuh nasinya." Ceuk Non Marisa ka anakna sabab ketempo sangu dina piringna nyésa rada loba.
"Wareg atuda, Bunda." Témbal Néng Alisa.
"Mubadzir itu téh. Ga boléh buang-buang makanan."
"Kanggo Si MaNis wé atuh biar ga mubadzir mah."
"Oh, iya atuh." Ceuk indungna bari tuluy nyokot piring séng anu sisina geus sararonghék. Sésa sangu Néng Alisa dieurihkeun kana éta piring, jeung tulang-tulang hayamna. Ditambahan tulang-taléng urut manéhna jeung cucuk lauk urut salakina.
Baca Juga: Oki Setiana Dewi: Perempuan Kadang-Kadang Suka Lebay, Netizen: KDRT Bukan Aib, Laporkan!
"Yeuh, pasihkeun jung ku Néng ka pengker."
Néng Cika nyuredik, "Ih Bunda, kenapa mesti sama Néng terus, sih? Néng mah badé ka kamar, badé belajar."
"Sakedap, Geulis. Kan Néng mah pinter."
"Alim, ah. Bararau di pengker mah, gareuleuh."
"Néng, katanya Néng téh sayang sama Bunda, Masa disuruh segituh ga mau." Pa Hartawan pipilueun mamatahan.
Ahirna Néng Alisa teu burung daék, sanajan bari biwirna ngagadeud. Manéhna cengkat, piring séng ditampanan, ditanggeuy dibawa ka gudang nu aya di tukang, hiji rohangan leutik nu nyublek pangjuruna.
Baca Juga: Putri Tanjung Rugi 800 Juta Mengurung Diri 2 Hari, Netizen: Kita Rugi 200 Ribu Nyeseknya Seminggu
Panto gudang dibuka. Ucing nu keur ngaréngkol dina tumpukan kardus curinghak.
"Héy, kamu ngapain di sini terus, Kitty? Hayu ikut, Néng tos beli catfood rasa salmon."
Éta ucing ngajleng nyampeurkeun Néng Alisa bari uang-éong. Sok piring séng ditunda di handap. Manéhna kaluar deui bari mamangku ucing. Panto gudang ditutupkeun deui. Lampuna dipareuman.
Teu lila ragamang aya leungeun uyup-ayap ngarongkong piring séng. Piring dicokot, sanguna dicomot, tulang-taléngna dilamot. Kasampak waruga nu siga rorongkong dibungkus ku kulit nu paréot. Dikabaya rabig, disamping rawék. Andiprek di nu poék, nyelebek ngadahar sangu sésa bari reumbay cimata. Bagja Néng Cika aya kainget ka manéhna. Da dua peuting kamari mah lebeng euweuh nu nganteuran saréméh-réméh acan. Si MaNis bagja nempo incuna, sanajan bari teu dirérét-rérét acan, boro mun nanya. Enya, éta téh Si MaNis, Ma Nisoh, indung teges Pa Hartawan. ***
Artikel Terkait
Fiksimini Sunda: Pageuh
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Fiksimini Sunda: Jatukrami
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting
Fiksimini Sunda: Gamis Sarimbit jeung Kelom Beureum Ngora
Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral
Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada