jabaribernews.com -- Balik gawé kaburitan, méh reup-reupan. Tapi laju motor angger antaré, salsé, teu perlu rurusuhan, nu penting salamet. Sapanjnag jalan geus tiiseun, ongkoh lain jalan protokol, nu lalar liwat ukur hiji dua.
Di sisi jalan béh kénca, katempo aya nu ngajanteng sosoranganan, awéwé lenjang, dirok panjang.
Naluri mantan pléyboy cap kadal, nempo nu rada méncrang keur nyorangan téh sok panasaran. Ongkoh karunya deuih bisi kumaha onam.
Reg, motor dieureunkeun hareupeunana.
"Kamana, Néng?"
Nu ditanya semu reuwas, "Bade wangsul, ka Lebakbumi."
"Megat angdés, sanés?"
Si awéwé unggeuk.
"Sonten kieu mah tos moal aya atuh, Néng, paling ogé megat ojég, éta gé mun aya nu ngalangkung."
"Oh, kitu?" bingungeun.
"Hayu atuh urang sareng. Sami da ka palih kidul. Hawatos tos badé poék."
Manéhna rada mikir sakeudeung, tapi teu lila tuluy unggeuk.
Clak naék, sidéngdang. Geuleuyeung, motor dilajukeun.
Baca Juga: Kaeureup-eureup, Konon Pertanda Kita Ketindihan Makhluk Halus
"Na mulih ti mana atuh, Néng, sonten-sonten teuing?"
"Uhun, kasontenan." Témbalna pondok.
"Pami kana angdés lungsurna dimana?"
"Sasak Cirampé."
"Oooh, caket atuh. Asa nembé nguping nami lembur Lebakbumi mah. Aa sanés asli urang dieu, Aa mah ti Subang, nembé sataun di Ciamis ."
Nu diboncéng jempling, teu le sakecap-kecap acan. Jirrr! Aing ngocoblak sorangan.
Teu lila, nepi ka sasak Cirampé.
"Palih mana, Néng?"
Manéhna nuduhkeun ka palebah gang leutik méméh sasak. Sakurilingna kebon hungkul, teu katempo paimahan.
"Oh, ka palih dinya lembur téh? Ludeung teu Néng, pami dugi ka dieu? Tos dur magrib yeuh."
Si Néng teu némbal.
"Tebih deui teu, ti dinya?"
"Caket."
"Urang dugikeun ka bumi atuh, hawatos lungsur nyalira di dieu mah."
Teu némbal deui, mana teu buru turun gé hayang dijajapkeun nepi ka tujuan meureunan. Nya atuh ah, nyimpang sakeudeung, bari sakalian wé hayang apal lembur Lebakbumi téh lebah mana.
Baca Juga: Galaksi Kita Bimasakti, Nampak Bagai Jalur Susu dari Seorang Dewi Yunani
Sup, ka gang peluran nu sapanjangna di kénca katuhu ukur kebon nu rajeg ku mahoni. Jalana ukur mulus hareupna wungkul, ka jerona mah galituk, peluranana geus barejad. Mawa motor jadi jlag-jlig-jlug.
Geus sabaraha ratus méter, can katempo aya pilemburan, tatangkalan wéh beuki rajeg baradag.
"Palih mana Néng, bumi téh?"
Teu kadéngé nembal.
Dilieuk... Har?! Geuning jok téh kosong?! Reg, ngerém sakaligus. Luak-lieuk. Ké, ari si Néng ka mana nya? Boa tadi murag teu karasa sabot motor ajlug-ajlugan? Atawa rokna kabetot ranté? Alah siah! Kumaha mun enya labuh?
Buru-buru motor diparkirkeun, ugal-ugil da jalanna leutik. Sakuriling bungking poék jeung simpé teu dipaliré da hariwang mikiran si lenjang bisi kumaha onam.
Motor dipajukeun lalaunan, bari ulak-ilik. Ragrag di mana atuh nya?
Ti hareupeun rentang-rentang aya lalaki tengah tuwuh nu keur leumpang kasorot ku lampu motor, dikopéah jeung dikamprét bodas, nyoléndang sarung, sigana nu mulang ti masjid.
"Néangan naon, Jang?" Si Bapa nanya pédah mireungeuh motor kuring lumpatna lalaunan bari kuring luak-lieuk.
Kuring eureun, dibéjakeun wéh yén kuring leungiteun penumpang.
Si Bapa seuri leutik, "Ah, ulah teuing ditéangan, Jang, da lain sapenumpang-penumpangna. Keun waé, di dieu mah biasa tegal nu kitu," Pokna bari ngaléos ngajauhan.
Reyyy... puriding. Buru- motor dioper gigi. Rék ngajius. Tapi bakat ku tagiweur, mesin motor téh kalah paéh. Biasa ari geus ngadat. Koncina dicutrak-cetrék, distarter, teu hurung kénéh, mimiti soak, ngajaran diselah, teu daékeun kénéh. Béak bénsin, kitu? Bedul! Suééé!!! Luak-lieuk, beuki paroék, bapa-bapa nu tadi dikopéah teuing geus ka mana. Jiiiir!! Buru-buru turun, motor disurung satengah lumpat. Ruy-rey tariris tapi ngoprot késang. Hayang geura-geura tepi ka sisi jalan.
Baca Juga: Mistis di Gunung Tangkubanparahu, Mahluk Jadi-jadian dan Batu Pawadon
Napas geus rénghap ranjug, tapi can katempo aya tanda-tanda jalan gedé. Ngan dihareup katempo celak-celak aya lampu, najan surem. Buru-buru nyampeurkeun éta nu caang. Horéng warung leutik geuningan. Atoh manggih warung kopi. Nu nungguanana aki-aki. Ngagupayan. Motor dibawa nyisi, distandar, tuluy diuk dina bangku panjang hareupeun warung, ngatur ambekan.
Si aki nyodoran cai hérang, "Mogok lain, Jang?Mani rénghap ranjug?"
Cai sagelas diregot nepi ka imeut, sanggeus ambekan hampang, derekdek nyaritakeun pangalaman kuring bieu.
Si aki ukur seuri leutik. "Ari kitu nu tadi dikopéah bodas ogé jalma sajalma-jalmana?"
TEG! Karék nyadar, titadi gé teu manggih aya masjid boh imah, jalma tadi holna timana? TEG deui ... na saha jalmana nu muka warung di tengah leuweung kieu? Keur maju ogé tadi téh asa teu nempo aya warung.
JLENG! Kuring luncat ngajauhan warung, ngontakkeun motor. Hurung! Jius satarikna. Teu wani luak-lieuk, pokona hayang geuwat kaluar ti dinya. Atawa ieu téh geus sasab ka alam manaboa? ***
Artikel Terkait
Fiksimini Sunda: Jatukrami
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting
Fiksimini Sunda: Gamis Sarimbit jeung Kelom Beureum Ngora
Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral
Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada
Fiksimini Sunda: Mabok Sabu