Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

- Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB
Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna.
Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna.


jabaribernews.com -- Calik sidéngdang dina batu karang. Hahaleuangan. Implengan nyawang waktu ka tukang. Mangsa nulungan salira nu tikelebuh. Nyawa anjeun kasalametkeun. Ngan harita urang duaan tuluy tikelebuh dina sagara katresna, kekerelepan dina lautan kasmaran, maheutkeun cinta.
“Teu éling budak téh, bogoh mah ka sasama urang wé atuh, ulah kanu jararauheun teuing!” Ah, teu didèngè ieuh éta omongan kolot harita.

Baca Juga: Doa Nabi Adam Memohon Ampunan Setelah Terusir dari Surga, Dilengkapi Nadhom Bahasa Sunda.

Panutan, naha kamana atuh anjeun téh? Unggal wanci kuring nganti. Taya bèja taya carita. Kasono ngagulidag lir lambak. Indit balik heula ka darat caritana rèk sajorélat, moal lila pasti kadieu deui nèang kuring pikeun dikawin.
Dua puluh taun, Kang, dua puluh taun kuring nungguan. Umur beuki kolot, kulit beuki paréot, buuk beuki muruluk, sisit beuki morolok. Yeuh, kuring di dieu, bèlaan dijarauhan ku balad jeung baraya. Ukur hayang pasini ngahiji jeung pujaan ati. Naha anjeun sulaya tèh pèdah raga kuring dianggap teu sampurna, tina beuteung ka handap ukur buntut lauk lain suku jelema? Inget ka dinya, kuring ukur bisa nyasalah kana kadar.
Gudibeg, teuleum sajero-jerona, nyieuhkeun cimata nu nyuruluk ngabatu jadi mutiara di antara cai sagara. ***

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X