jabaribernews.com -- Burit ngagayuh ka wanci magrib, Karsih tuturubun muru pancuran, kaburitan balik ti pagawéan. Ari sumur di imahna geus garing kahalodoan. Sauntungna landeuheun imahna aya balong tatangga nu maké pacilingan, caina hérang da nalang langsung ti hulu cai sisi leuweung.
Barang gok ka pacilingan, kasampak pancurana saat.
"Ah, sigana aya nu mendet deui," Karsih kukulutus.
Saprak halodo, hulu cai téh pada marebutkeun, pada nalang kaasup ku warga ti lebah Girang, sakapeung sok silih pendetan.
Najan capé jeung kaayaan geus ampir poék, maksakeun indit ka sisi leuweung rék néang cai bari teu eureun kutuk gendeng. Sanajan teu pati jauh, tapi dijugjug keur kaayaan capé bari rusuh mah teu wudu matak makruh.
Baca Juga: Surat Al Kautsar, Terjemah Bahasa Sunda dan Bahasa Indonesia
Barang nepi ka hulu cai nu harieum ku rungkun awi, rarampayakan néangan tungtung talang dina jero kulah, miceunan nu nyocokan. Sabot kitu kadéngé aya nu gegerendengan palebah batu gedé sisi gawir, dilieuk téh geuning aya nini-nini keur cingogo nyanghareupan gawir. Karsih kerung, naha saha wayah kieu nu ngalanto ka hulu cai? Nini Uti kitu? Sarua rék néang cai meureunan.
Karsih nyalukan, "Nini! Na keur gawé naeun di dinya?! Bisi tigurawil ka gawir!"
Nu digeroan teu maliré, angger nempokeun gawir bangun aya nu keur ditéangan. Inget yén Nini Uti mah rada kurang déngé jeung sok linglung sakapeung, ku Karsih disampeurkeun. Kadenge Si Nini gegerenceman: "sabelas... sabelas... sabelas..."
Disidik-sidik da geuning lain Nini Uti, sigana mah urang lembur Girang nu sarua sok maké cai ti dinya.
Baca Juga: Lirik OST Kera Sakti, Mimpi Anak 90an Bergaya ala Rapper Sejati
Si Nini tonggoy ulak-ilik ka gawir nu lungkawing, nu handapna jarian garing nu galituk ku batu badag. Manghariwangkeun, Karsih ngadeukeutan.
"Na keur neangan naon, Nini? Aya nu murag?"
Si Nini teu ngarérét-rérét acan, angger ulak-ilik kana jarian bari gegerenyeman "sabelas.... sabelas..."
Kajurung ku hariwang bisi si Nini kaleungitan barang nu murag ka jarian, katambah rasa panasaran naeun nu keur diitung, Karsih milu ngalengo ka handapeun gawir ngilikan jarian sanajan bari lewang, da jerona aya meureun kana tilu méteran. Lunga-lengo gigireun si Nini. Teu kanyahoan, Gabrug téh si nini nyuntrungkeun ti tukang satarikna. Gajlo, awak Karsih ngagurawil kana gawir, ngagulutuk kana jungkrang nu handapna batu baradag tur sareukeut, kocéak ... GEBLUG! Awakna ngagejrét. Jep! Jempling ....
Si nini nu di luhur gawir, merong sakeudeng, nuluykeun gegerenceman, "dualas... dualas... dualas...." ***
* Adaptasi tina west creepystory : "COUNT".
Artikel Terkait
Fiksimini Sunda: Pageuh
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Fiksimini Sunda: Jatukrami
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting
Fiksimini Sunda: Gamis Sarimbit jeung Kelom Beureum Ngora
Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral
Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada