Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

- Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB
Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna.
Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna.

jabaribernews.com -- Pabeubeurang, Lamsijan mulang ti pagawéan.
"Assalaamu'alaikum...."
"Wa'alaikumsalaam...." Néng Ikeu, pamajikanana ngabagéakeun.
"Éh, Aa geuning tos sumping. Capé, A?"
"Duh enya, Néng. Lungsé kacida," témbal Lamsijan bari tuluy gék diuk dina korsi téras, ngabaheuhay.
Néng Ikeu sideku, pangmukaankeun sapatu. Tuluy sor, ngasongkeun és téh manis.
"Ngaleueut heula, A."
Ditampanan ku Lamsijan, tuluy diuyup ... Surupuuut... Ah ... seger....
"Néng Ineu mana?" tanya Lamsijan.
"Di dapur, A. Pameng nuju ngadamel karédok kasedep Aa." Ikeu andiprek mencétan suku salakina.

Baca Juga: Surat At Tin, Terjemah Bahasa Indonesia dan Terjemah Bahasa Sunda, Manusia Diciptakan Sebaik-Baik Bentuk.

Teu lila, hol Néng Ineu norojol ti dapur bari nanggeuy baki, "Geura tuang, A. Ieu tos sayogi," pokna.
Sok, baki ditunda dina méja hareupeun Lamsijan. Sangu sapiring, karédok, bala-bala, goréng pisang ditambah sagelas cai hérang. Kaciri semu ngebul cirining haneut kénéh.
"Bilih Aa capé kénéh, kadieu ku ineu dihuapan," ceuk Ineu bari ngasongkeun sangu sahuap.
Am, Lamsijan cacamuilan, nyapék bari ngabaheuhay, peureum beunta ngararasakeun suku nu keur dipencétan. Reueus mireungeuh pamajikan duanana nya gareulis, saroléhah, alakur deuih. Bagja nu taya papadana.

Baca Juga: Naga di Gunung Galunggung Tasikmalaya Jawa Barat Katanya Menyukai Lagu Sunda Klasik

"Beu atuh, Ikeu ogé hoyong ngahuapan," ceuk Ikeu bari nyokot séndok.
Beletak!!!
"Aduh!"
Nyah beunta, kasampak Nyi Ikoh molotot bari nulak cangkéng. Leungeuna nyekel sinduk sayur.
"Ari Lamsijaaaaan! Didadagoan titadi karah keur gagalayahan!"
Lamsijan muringis, "Ari Nyai... kunaon hulu akang ditakol?"
"Pan Kuring téh tadi nitah meuli uyah! Didadagoan di dapur! Itu angeun geus rék tiis deui uyahna can waé jebul! Sugan téh geus indit ka warung! Karah keur ngabaheuhay di téras!"

Baca Juga: Kala Sunda, Kalender Sunda, Leuwih Kolot Batan Kalender Masehi

"Astaghfirullooh... poho, Nyai."
"Poho! Poho! Naaa ... asa kabina-bina teuing poho téh atuh?!"
Jiringking geuwat indit, inggis Nyi Ikoh beuki ngawékwék. Ongkoh tadi téh pas rék indit ka warung, Néng Ineu ngadon ngalangkung. Ningali imutna matak ngalenyap jajantung. Lap waé nu pesen uyah mah kapopohokeun da anteng ngalamun.
"Geuwatan, Akang!" Nyi ikoh ngagorowok deui ti kajauhan.
"Enyaaa!"
"Lah, ieu mah jajauheun kana bisa nyandung," gerentes Lamsijan, bari ngusapan embun-embunan nu nyanyautan balas ditakol sinduk ku pamajikan. ***

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X