• Kamis, 28 September 2023

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

- Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB
Fiksimini Sunda.
Fiksimini Sunda.

jabaribernews.com -- Sigana poé ieu waktuna kuring balik. Sabada saminggu dirawat di rumah sakit. Tina alatan setruk, mangbulan-bulan teu bisa usik teu bisa malik.

Kakara ayeuna awak karasa harampang, titingalian cararaang. Najan angger raga mah teu walakaya, nu penting mah ayeuna teu karasa nyareri saawak sandi.

Kulawarga mapagkeun kuring bari ceurik campur seuri, utamana mah salaki. Bareng jol téh kuring tuluy dimandian. Geus tujuh bulan gé teu bisa mandi sorangan.

Baca Juga: Lirik Lagu Opening Serial Wiro Sableng, Superhero Asli Nusantara

Untung wé boga salaki getén, sakapeung jeung si Bungsu gegentén. Sanajan sok siga bari araral, tapi da kuring tara nepi ka diumbar. Mangbulan-bulan bur-ber naréangan ubar. Kabeh dokter jeung 'nu pinter' dipapay, ti obat médis, ubar kampung, obat cina nepika rupa-rupa ubar alternatip jeung obat herbal.

Béak pakaya, hasilna teu aya. Matak kitu ogé meureun geus bagéan kuring kieu kuduna.

Bérés dimandian, kuring dibajuan. Pakéan weuteuh, sarwa anyar, maké seuseungitan. Tatangga baraya rabul ngadareugdeug ngaralongokan. Ngarariung kuring di patengahan.

Salaki jeung barudak tinggerendeng tinggerencem di enggon, cenah kuring geus bérés dipangnyieunkeun imah anyar.

Baca Juga: Kang Emil Ikut Memparodikan Ikbal Ramadhan di Video Klip Noah Yang Terdalam 

"Ku bapa imah ieu mah rék dijual, keur nutup hutang urut biaya uubar. Sésana rék dipaké nanyaan Nyi Maésaroh si rangda beunghar," pokna bari ngahéhéh.

"Naha, Pa? Pan imah ieu mah warisan titinggal aki keur ema. Lain kudu bagikeuneun ka saréréa?" tempas anak kuring nu cikal.

"Ish, tenang atuh, pan itu aya kénéh kebon bagikeuneun mah. Lebar itu Nyi Maésaroh ti baheula geus aya sir hayangeun ka bapa, ngan kahalangan ku indung manéh. Keun gampang ari bapa geus jeung manéhna mah boa imah ieu bisa kabeuli deui."

Akang tegaaa! Kuring ceurik ngajorowok bari teu nyoara. Teu daya teu walakaya. Regeyeng, awak kuring digarotong, rék disholatan di musola. ***

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X