Pupujian Anak Adam, Ngelingan Umat kana Ajal nu Bakal Datang

- Jumat, 28 Januari 2022 | 14:46 WIB
Pupujian Anak Adam diajarkeun di tajug-tajug jaman baheula.
Pupujian Anak Adam diajarkeun di tajug-tajug jaman baheula.


jabaribernews.com -- "Anak Adam" nyaéta salah sahiji pupujian dina basa Sunda nu kungsi diajarkeun di tajug-tajug pakampungan.

Eusina minangka pépéling ka sakumna umat Muslim yén sakur-sakur mahluk nu harirup tinangtu bakal pinanggih jeung ajal atawa maot. Kaasup anak incu turunan Adam nyatana sakabéh manusa téa.

Ieu pupujian kantos dianggit tur diropéa ku Alm. Rahmatullah Ading Affandi (RAF) sarta diwangun dina hiji vidéo klip musik.

Baca Juga: Budidaya Kacang Tanah Untuk Memenuhi Kebutuhan Protein Masyarakat

Di handap ieu rumpaka atawa lirik nadoman Anak Adam:

Anak Adam, di dunya téh moal lila
Hiji mangsa urang téh baris teu aya
Lamun maot geus datang ka Anak Adam
Hamo aya nu bisa ngahalang-halang

Anak Adam, anjeun di dunya ngumbara
Umur Anjeun di Dunya téh moal lila
Anak Adam, umur anjeun téh ngurangan
Saban poé saban peuting dicontangan

Anak Adam, anjeun paéh téh nyorangan
Cul anak cul salaki cul babandaan
Anak Adam, paéh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeung boéh anu dibawa

Baca Juga: Galaksi Kita Bimasakti, Nampak Bagai Jalur Susu dari Seorang Dewi Yunani

Anak Adam, pasaran téh lolongséran
Saban poé saban peuting gegeroan
Anak Adam, anjeun kaluar ti imah
Digarotong dina pasaran tugenah

Aduh Bapa, aduh Ibu, abdi keueung
Rup ku padung, rap ku lemah, abdi Sieun
Anak Adam, di kubur téh poék pisan
Nu nyaangan di kubur téh maca Quran

Rumpaka nadoman Anak Adam dina video klip musik anggitan RAF:

Anak Adam, di dunya téh moal lila
Hiji mangsa urang téh baris teu aya
Lamun maot geus datang ka Anak Adam
Hamo aya nu bisa ngahalang-halang

Ngan ukur amal-amalan
Nu bakal bisa nyarengan
Ngan ukur amal-amalan
Nu bakal bisa nyarengan

Digogotong ku nu hirup
Dibarawa ka kuburan
Dideugdeug diceungceurikan
Ku sobat babarayaan

Halaman:

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Ibing Paleredan Ngeuyeuban Penca Silat Nasional

Rabu, 16 November 2022 | 08:01 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Rupa-Rupa Seuri dina Basa Sunda

Minggu, 6 Februari 2022 | 22:28 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Terpopuler

X