jabaribernews.com -- Jam dalapan beurang, Mang Ocad karék kuniang hudang. Cengkat tina dipan bari kuliat jeung babatek. Blus ka dapur bari gégétrét jeung keukeureuceuman. Kerelek heuay. Mukakeun tudung saji, ukur aya kéjo, geus rada tiis da meureun dijait ti janari. Deungeuna mah can kasampak.
Luak-lieuk, suwung. Sigana mah pamajikanana can balik ti pasar. Balanja keur bahan dahareun iderkeuneun.
Tapi teu lila sabot Mang Ocad ka cai, kuruduk ojég ka hareupeun imah nganteurkeun Bi Anah. Éta pamajikan mang Ocad turun tina ojég bari ngais budak jeung angkaribung ku babawaan.
Baca Juga: Tifatul Sembiring Menganggap Pernyataan Edy Mulyadi Bukan Hinaan, Fathan Sembiring: Mingkem, Beh!
Sup ka dapur, bru wéh kérésék babawaan mah ditambrukeun deukeut méja. Geus kitu mah gura-giru ka kamar muka aisan ngedengkeun budakna nu kadéngéna keur rungsing.
"Beurang pisan balik ti pasar téh?!" tanya Mang Ocad bari nyampeurkeun kérésék balanjaan nu nambru gigireun méja dapur. Bi Anah teu némbal, kalah ka kadéngé budak ceurik beuki tarik.
"Manéh mah budak keur gering dibawa kukurilingan ka pasar. Lieureun, tah," Mang Ocad gegelendeng bari ngorehan balanjaan. Eusina dibudalkeun hiji-hiji. Béas, tarigu, minyak, gula, huut...
"Naha kalah mentingkeun parab hayam? Mana hakaneun uingna ieu téh?" cenah. Puguh titadi téh lapar nungguan nu balik ti pasar.
Bi Anah teu némbalan kénéh, ongkoh keur mépéndé budak sangkan geura tibra, ongkoh cararapé katambah capé haté keuheul ka salakina nu ukur bisa ngoméntar. Acan tadi di pasar hahargaan beuki nararaék waé. Matak pusing kana pikiran. Boro-boro aya keur jajan buru-burueun nu di imah.
Baca Juga: Hari Gizi Nasional, Mengenal Prof. Poorwo Soedarmo, Penggagas Slogan 4 Sehat 5 Sempurna
Mang Ocad muka kérésék hiji deui nu rada leutik. Kurah-koréh... Goréhél keresek hideung, eusina hipu. Dibuka... "Tah, geuning bubur hayam."
Nyokot mangkok, bubur téa diwadahan kana mangkokeun. Celebek, celebek, abong keur lapar teu dicapék-capék acan, langsung diteureuyan.
Diicip-icip, geuning asa rada haseum. Diambeuan, enya bau haseum.
"Anah! Ari manéh bubur geus basi dibeuli! Lain ilikan heula beubeulian teh!"
Artikel Terkait
Fiksimini Sunda: Pageuh
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Fiksimini Sunda: Jatukrami
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting
Fiksimini Sunda: Gamis Sarimbit jeung Kelom Beureum Ngora
Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral