• Selasa, 26 September 2023

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

- Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB
Fiksimini Sunda
Fiksimini Sunda

jabaribernews.com -- Balik ngalembur jam 10 peuting. Awak karasa lungsé, mawa motor gé satengah nundutan. Untungna ayeuna mah kontrakan téh teu pati jauh. Geus saminggu nempatan kontrakan anyar, salian ti leuwih deukeut ka pigawéan, hargana ogé kaitung murah pisan.

Ieu gé béja ti si Aji, aya kontrakan murah cenah, hargana satengahna tina harga kontrakan umumna.

"Murah pisan, euy?" Tanya kuring harita.
"Sanget. Geus lila gé euweuh nu wani ngeusian. Jadi diobral ku Haji nu bogana," témbal si Aji harita.

Baca Juga: Figure, Versi Lain Spirit Doll Bagi Para Kolektor

Imahna mah garenah, WC, dapur, jeung tengah imahna lalega, kamer wéh hiji, laluasa keur soranganeun. Atoh wé kuring mah, pajah cénah aya 'eusian', teu paduli lah, jalmana wé eta mah barorangan, halu téa ceuk barudak kiwari mah.

Asup ka gang, teu pati jauh ti sisi jalan, ngan rada nenggang, kadituna mah upluk-aplak pasawahan.

Sanggeus nepi, kulutrak muka panto, nyaangkeun lampu, ugal-ugil ngasupkeun heula motor.

Ucul-ucul, teu kuat bayeungyang hayang geura brus mandi, rék tuluy saré, carapé.

Gejebur ... gejebur ... ngaguyur awak, digasruk, diangir. Kasebut kontrakan murah gé, cai mah lancar, tara saat. Beresih deuih. Bisa maké sakarepna.

Geus bérés, kaluar ti kamer mandi disasamping anduk. Keur milihan baju dina lomari, kadéngé sora keran ngocor kana bak.

Har? Na poho nutup kitu tadi? Kaluar ti kamer, ngalieuk ka panto WC nu nutup, kadenge sora nu nyiuk cai, gejebur ... gejebur ... Teg! Puriding....

Baca Juga: Surat Az Zalzalah Beserta Terjemah Bahasa Indonesia dan Terjemah Bahasa Sunda

Jantung ngadadak ratug. Sora aya nu mandi? Ngawani-wani karep rek ditempo. Keketeyepan, panto WC disurungkeun. Blak! .... Kosong! Ukur keran nu nyorog kana bak. Ulak ilik .... sup, mareuman keran. Tatanggahan ... euweuh nanaeun. Dédéngéan meureun tadi mah.

Kaluar ti WC, ari malik ... gok téh aya nu ngajirim hareupeun kuring. Ampir waé awak tijengkang. Untung kaburu muntang kana kusén panto. Rék ngagoak nyelek na elak-elakan.

Halaman:

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X