• Kamis, 28 September 2023

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

- Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

jabaribernews.com -- Hudang saré, gap hapé. Ditoélan, bari heuay. Muka Facebook, noongan tepasna. Tuluy nyieun status: "Mentari bersinar cerah. Secerah hatiku yang akan menjumpaimu." Kirim. Geus kitu mah kakara cengkat tina pangsaréan.

Ti saprak boga hapé hadé, sanajan ti tukang jualan hapé bekas, sanajan cicilanana can lunas, Jang Odo teu leupas tina éta pakakas. Eutik-eutik apdét status, keudeung-keudeung aplod poto. Reueus, beungeut meuleukmeuk ngadadak cékas ku jasana kaméra jahat.

Paingan batur sok aranteng ari geus nyoo hapé téh, horéngan geuning ramé. Hapé manéhna nu heubeul mah ukur 'natnat-nitnit', ukur bisa SMS-an, geus teu usum matakna euweuh layan, hésé rék dipaké nyiar awéwé.

Baca Juga: Daerah yang Pantang Dikunjungi Presiden, Latar Belakangnya Begini

Sanggeus boga hapé android, tuluy diajar pésbukan ka si Aip, Odo jadi loba kenalan, komo geus remen aplod poto mah, beuki loba nu ngomén jeung ngajempolan, asa jadi artis.

Barieukeun, horéng dina FB mah loba awéwé garéulis. Kaduhung teu tibaheula éksis. Meureun ayeuna téh geus piral, pikir Jang Odo.

Aya hiji awéwé nu tuluy nyantol, purah ngajempol, ngaranna Icha Mirabélla. Jang Odo naksir, potona geulis, biwir ipis irung bangir. Mimitina mah sok silih ngoméntaran, teu lila tuluy inbokan, silih tukeuran nomer WA. Caritana poé ayeuna jangjian, rék kopdar di alun-alun, hayang panggih langsung.

Sanggeus mandi, saged, dangdan sataker kebek. Clak, kana motor métik, nginjeum nu si Aip, da nu manéhna mah motor dorokdok, éra atuh mawana.

Baca Juga: Tips Mengatasi Anak Susah Makan dan Membuatnya Tetap Berselera

Sabot motor lumpat, aya WA disada: "Dmn? Icha ud nympe." Buru-buru dibales, bisi hariwangeun: "Otewe".

Sabot ngetik, kalalar aya nu meuntas hareupeunana, Odo reuwas, buru-buru ngagilekkeun stang, galéong... jeduk! Nabrak trotoar. Guprak! Motorna ngagoléhé, suku katuhu katindihan. Ugal-ugil. Ras kana HP nu teuing ngacleng ka mana. Luak-lieuk neangan HP, teu maliré awakna nu ngagolér kénéh di tengah patalimarga.

Jalma tingjorowok: "Hudang, euy! Ngahalangan jalan!"

"Kéla! Hapé uing! Mana hapé uing?!" Cenah luak-lieuk, soak.

Euweuh nu nulungan, nu ngaraliwat ukur ngalieukan, urang dinyana ukur ngalalajoanan, sawaréh ngadon ngaméra ku hapéna séwang-séwangan.

Halaman:

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X