Bungkusan dibuka, eusina sendal kelom, alus pisan. Diajaran, meujeuhna. Geus apal wé meureun ukuran suku kuring.
Diajaran leuleumpangan kékétéplékan di téras, deuh ngareunah pisan. Warnana ogé mani lucu, polétna beureum ngora tapi teu matak sérab.
Baca Juga: Naga di Gunung Galunggung Tasikmalaya Jawa Barat Katanya Menyukai Lagu Sunda Klasik
Enya, mantes keur gamis beureum anu basa pangmeulikeun bulan kamari, modél jeung warnana sarua pisan jeung nu manéhna.
Kabayang meureun mun makéna bareng seug ngaréndéng, moal teu jiga angka sapuluh. Ceuk batur téh meureun siga iklan jamu pelangsing, kuring mah diaksaraan "sebelum", si Éta mah "sesudah". Olot gembrot burayot vs si cantik camperenik, tebih bumi ka langit.
Nu matak sakumaha alusna gé éta gamis, kuring teu hayang maké, ti saprak dibéré tuluy dijejelkeun di juru balong, dipake nyocokan liang keuyeup. Cua ka nu méréna, nyebutna mah gamis hadiah ti Si Ayah, sagala gé disamikeun.
Disamikeun nanahaon, geuning tara hayang balik ka nu kolot mah, betah keneh ngeukeupan nu ngora si Ayah téh, alesan proyék. Aki-aki orowodol di ayah-ayah. Cuih! Mani geuleuh! Teu sudi aing kudu dibaju seragam sarua jeung maru. Kelom diudar. Belewer! dibalédogkeun ka ucing nu keur paséa. ***
Artikel Terkait
Kanyaah Indung
Wangsit Siliwangi
Fiksimini Sunda: Pageuh
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Fiksimini Sunda: Jatukrami
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting