jabaribernews.com -- Isuk kénéh sabot kuring keur sasapu di téras, tirilik aya motor métik nyampeurkeun. Nu mawana awéwé jangkung leutik maké setélan kantor, di hélm pulas kayas, mani camperenik, jaba sarareungit.
"Ngantor, Néng?" tanya Kuring.
"Muhun, Téh. Nyimpang heula ka dieu, hoyong nyanggakeun ieu, oléh-oléh kamari seminar di Bandung." Cénah baro song, ngasongkeun bungkusan. Teu kosi turun heula tina motor.
Ku kuring ditampanan, "Naon, Néng? Mani ngarérépot?"
"Ah, henteu. Éta ningali kelom geulis lalucu, nya mésér dua pasang, kanggo abdi sareng kanggo Étéh. Nyurup geura sareng gamis beureum téa. Ké pami syukuran sepitan Cép Adit urang anggo sasarengan, Téh. Sarimbit!" Manehna seuri.
Baca Juga: Khasiat Seledri Bukan Sekedar Pewangi Tapi Anti Hipertensi
"Oh, kitu? Nuhun atuh."
"Sareng aya salam ti si Ayah, hapunten moal waka kadieu saurna, proyékna teu acan réngsé."
"Oh, muhun, teu sawios."
"Yu atuh, Téh." Jius, nu geulis indit deui.
Bungkusan dibuka, eusina sendal kelom, alus pisan. Diajaran, meujeuhna. Geus apal wé meureun ukuran suku kuring.
Diajaran leuleumpangan kékétéplékan di téras, deuh ngareunah pisan. Warnana ogé mani lucu, polétna beureum ngora tapi teu matak sérab.
Baca Juga: Naga di Gunung Galunggung Tasikmalaya Jawa Barat Katanya Menyukai Lagu Sunda Klasik
Enya, mantes keur gamis beureum anu basa pangmeulikeun bulan kamari, modél jeung warnana sarua pisan jeung nu manéhna.
Kabayang meureun mun makéna bareng seug ngaréndéng, moal teu jiga angka sapuluh. Ceuk batur téh meureun siga iklan jamu pelangsing, kuring mah diaksaraan "sebelum", si Éta mah "sesudah". Olot gembrot burayot vs si cantik camperenik, tebih bumi ka langit.
Artikel Terkait
Kanyaah Indung
Wangsit Siliwangi
Fiksimini Sunda: Pageuh
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Fiksimini Sunda: Jatukrami
Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting