Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

- Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

jabaribernews.com -- "A, énjing gugahkeun Néng deui, nya?"
Si Aa imut, atoheun kuring nawar hayang dihudangkeun tahajud.

Tibaheula gé lain tara digudagkeun, ngan kuring wé saréna badis bangké, siga latihan jadi mayit, ceuk Si Tétéh mah.

Untung boga salaki soléh, tara loba cacarék, najan manéhna getol kana ibadah, ari kuring sabalikna, lénglé, sakadaék.

Rada aya hidayah sotéh pédah kawin geus méh lima taun, tapi kuring teu daek eusian, mitoha poksang, "Gabug sugan, Néng?"

Nyeriii... kana haté, tapi teu bébéja ka Si Aa mah, kuring milih curhat ka si Tétéh. "Sing getol ngadu'a atuh, Néng," cenah ceuk manéhna.

Baca Juga: The Invisible Guest, Adu Analisis dan Pemutarbalikkan Kasus Kriminal

Tidinya kuring boga patékadan, karunya ka salaki, acong-acongan ngadu'a sorangan, ari kuring haré-haré loba kénéh saré, kumaha mun ké si Aa dititah kawin deui ku mitoha? Baiiid ....

Rumasa hésé hudang, kuring ménta ka salaki sangkan panggusurkeun ka cai, banjur wéh, ceuk kuring.

Si Aa kalah nyeungseurikeun, tapi bari diturut, janari kuring dipangku ka kamar mandi, diguyur cai haneut, seger, tuluy tahajud bareng, ngadu'a babarengan hayang geura diparin turunan. Samulangna salaki jamaah subuh, prak nyaré'at, hayang jadi budak. Asa tingtrim jeung nikmat.

"Engké Aa bagian ngalembur. Bisi teu kaburu uih mah gugah nyalira wé atuh," ceuk si Aa dina hiji peuting.

"Ngalembur deui? Kadé hilap nyandak konci sérep," témbal kuring.

Kuring téa tara amanah dititah ngajaga tulak. Sakalina kasaréan tara inget di bumi alam. Ari dibahanan konci mah jongjon ngabangké ogé.

Baca Juga: Kaeureup-eureup, Konon Pertanda Kita Ketindihan Makhluk Halus

Tengah peuting kuring lilir, kasampak si Aa geus aya di pangsalatan, dikoko dikopéah bodas, keur ungked-ungkedan Salat. Ngarérét jam, satengah dua. Gura-giru ka cai, wudu bari lulungu, dimukena, cong ngamamum tukangeunana. Bérés awéh salam rurusuhan muka mukena.

"Kéla A, teu kuat hayang pipis," cekéng bari beretek ka WC.

Halaman:

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X