jabaribernews.com -- Juz Amma nyaéta Juz ka-30 atawa Juz panungtungan dina Al Quran. Disebut Juz Amma sabab juz 30 éta dibuka ku bacaan 'Amma yatasaa 'aluun tina ayat ka-1 Surat An-Naba'.
Juz 'Amma kabéhna aya 36 Surat, eusina surat-surat Al Quran anu ayat-ayatna pararondok. Nu matak gampang ditalar tur diapalkeunana. Ti mimiti Surat An-Naba nepi ka Surat Al-Ikhlaas.
Surat-surat dina Juz Amma kaasup kana Golongan Surat-Surat Makkiyyah, nyaéta Firman Allah anu diturunkeun ka Rasulullah SAW nalika anjeuna nyebarkeun Islam di Kota Mekah. Iwal ti Surat Al-Bayyinah jeung Surat Az-Zalzalah nu kaasup kana surat-Surat Madaniyah, atawa Firman Allah nu diturunkeun ka Rasulullah SAW. di Kota Madinah.
Baca Juga: Budidaya Kacang Tanah Untuk Memenuhi Kebutuhan Protein Masyarakat
Dihandap ieu Surat-Surat nu kaasup kana Juz Amma sarta jumlah ayat tur hartina dina Basa Sunda:
1. An-Naba' (Béja): 40 ayat, Surat ka-78
2. An-Naazi'at (Nu Gancang Pindahna): 46 ayat, Surat ka-79
3. 'Abasa (Baeud): 42 ayat, Surat ka-80
4. At-Takwiir (Nu Digulung): 29 ayat, Surat ka-81
5. Al-Infithaar (Bareulah): 19 ayat, Surat ka-82
6. Al-Muthaffifiin (Jalma-Jalma Tukang Macikeuh): 36 ayat, Surat ka-83
7. Al-Insyiqaaq (Nu Bejad): 25 ayat, Surat ka-84
8. Al-Buruuj (Béntang-Béntang): 22 ayat, Surat ka-85
9. Ath-Thaariq (Béntang nu Narawangan): 17 ayat, Surat ka-86
Baca Juga: Adab Makan dan Minum Bagi Orang Muslim
10. Al-A'la (Nu Maha Luhung): 19 ayat, Surat ka-87
11. Al-Ghaasyiyah (Kajadian nu Rongkah): 26 ayat, Surat ka-88
12. Al-Fajr (Balébat): 30 ayat, Surat ka-89
13. Al-Balad (Nagri): 20 ayat, Surat ka-90
14. Asy-Syams (Srangéngé): 15 ayat, Surat ka-91
15. Al-Lail (Peuting): 21 ayat, Surat ka-92
16. Adl-dluhaa (Waktu Duha): 11 ayat, Surat ka-93
17. Al-Insyiraah (Jembar): 8 ayat, Surat ka-94
18. At-Tiin (Buah Tin): 8 ayat, Surat ka-95
19. Al-'Alaq (Getih Sakeupeul): 19 ayat, Surat ka-96
20. Al-Qadr (Kamulyaan): 5 ayat, Surat ka-97
21. Al-Bayyinah (Katerangan nu Tétéla): 8 ayat, Surat ka-98
22. Az-Zalzalah (Génjlong): 8 ayat, Surat ka-99
23. Al-'Adiyaat (Nu Lalumpat): 11 ayat, Surat ka-100
Baca Juga: Tradisi Perkawinan Sunda, Bagian I : Menjelang Upacara Pernikahan
24. Al-Qaari'ah (Nu Ngageumpeurkeun): 11 ayat, Surat ka-101
25. At-Takaatsur (Paloba-Loba): 8 ayat, Surat ka-102
26. Al-Humazah (Tukang Nyawad): 9 ayat, Surat ka-104
27. Al-Fiil (Gajah): 5 ayat, Surat ka-105
28. Quraisy (Bangsa Quraisy): 4 ayat, Surat ka-106
29. Al-Maa'uun (Tulung Tinulungan): 7 ayat, Surat ka-107
30. Al-Kautsar (Ni'mat nu Kacida Lobana): 3 ayat, Surat ka-108
31. Al-Kaafiruun (Jalma-Jalma Kapir): 6 ayat, Surat ka-109
32. An-Nashr (Pitulung): 3 ayat, Surat ka-110
33. Al-Lahab (Nu Ngentab-Ngentab): 5 ayat, Surat ka-111
34. Al-Ikhlaash (Ihlas): 4 ayat, Surat ka-112
35. Al-Falaq (Balébat): 5 ayat, Surat ka-113
36. An-Naas (Manusa): 6 ayat, Surat ka-114. ***
Artikel Terkait
Ayat Kursiy, Ayat Pelindung Menghalau Berbagai Macam Gangguan dan Kegalauan
Al-Qur'an Surat Al-Mu'minuun ayat 1-11, Ciri-Ciri Orang Mu'min yang Beruntung
Al-Mu'awwizatain, Dua Surat Pelindung Umat Muslim
Doa Sebelum dan Sesudah Belajar Berharap Allah SWT. Memudahkan Belajar Kita
Adab Membaca Al Quran, Perhatikan Sebelum Mulai Tadarus Al Quran