Gusti... na enya éta téh Sri? Teu pahili jeung widadari? Dikabaya bodas buburicakan, disinjang nambihan lenjang, mastaka ditudung hérang disigeran, dironcé kembang. Cahayaan.
Sri ngarérét ka kuring, imut saeutik. Sri, sobat dalit ti leuleutik, apal ti keur boloho jeung olol-léhona, wawuh ti keur curumut jeung goréng patutna. Ayeuna ngajanggélék jadi widadari nu geulis kawanti-wanti.
Kuring deg-degan, ngabayangkeun sagala rupa, mun seug keur ngucap ijab kabul téh ngadak-ngadak serangan jantung, atawa katarajang stép, kejang, atawa ngadadak struk? Mun...
"Tarima abdi nikah ka Néng Sri Hartati binti Sukarsa kalayan mas kawin perhiasan emas salapan puluh lima gram dibayar kontan!"
Euh... Ngageleser, siga neleg goyobod.
"Sah?"
"SAAAAAH!!!!"
Raéng, lain saukur saksi nu duaan, kabéh nu haladir milu némbalan. Kuring ngeluk, teu kaampeuh cimata murubut. Teu sangka, geuning laksana kuring jeung Sri jadi kulawarga.
Dina waktuna masrahkeun maskawin, pangantén dititah nangtung pahareup-hareup, pok-pokanana dipapatahan ku naib: "Sri, bojo akang, akang nyanggakeun mas kawin emas salapan puluh lima gram dibayar kontan."
"Hatur nuhun, ditampi ku abdi. Jazakallaahu khairan katsira fiddunya wal akhirat." Tembal Sri bari tuluy sun tangan.
Celengok, tarang Sri dicium ku pangantén lalaki. Kuring ngabalieur nyieuhkeun cimata, teu wasa nyaksianana. Bagéa bapa, tulus jatukrami jeung Sri, bébéné haté abdi nu ayeuna geus resmi jadi indung téré. Wilujeng ngambah rumah tangga, Sri, aéh... Mamah... ***
Artikel Terkait
Topi Surga, Tentang Kebohongan Abu Nawas
Abu Nawas Akan Terbang, Kritik Sosial yang Masih Relevan Hingga Saat Ini
Fiksimini Sunda: Pageuh
Sinopsis Attack on Titan Final Season Part 2 Episode 1 : Pengkhianatan yang Bertubi-Tubi
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Sinopsis Attack on Titan Final Season Part 2 Episode 2 : Mencegah Bersatunya Dua Bersaudara yang Berbahaya