Baca Juga: Netty Prasetiyani Minta Pemerintah Akui Eksistensi Pekerja Rumah Tangga
"Heug atuh moal kuliah mah diajar usaha wé jeung Bapa. Da isukan gé meureun keur saha-saha kénéh ari lain ku maranéh mah diurusna." Ceuk Bapa harita.
Tapi dasar kuring kuled, nuturkeun téh nuturkeun wé wungkul, bari jeung gawéna mah can bisa-bisa. Loba luntang-lantung wé nu puguhna mah.
Boga gawé éta gé, jadi tukang antar-jemput Sri ka tempat gawé. Geus jadi kacapangan unggal poé. Komo mun Sri bagian balik peuting, méméh tutup gé geus nangkring kuring mah di parkiran. Sri ukur gogodeg.
"Na rék kieu waé, Sép, hirup téh?" Tanya Sri hiji peuting basa keur diboncéng.
"Naon ieu téh?"
"Enya, hayoh wé lugah-ligeuh nganteur jemput kuring. Moal aya kamajuan atuh Asep."
"Jeh, ieu gé keur maju, ku bénsin." Témbal kuring sakecemplungna. Sri ukur ngarénghap jero.
Kuring jeung Sri mémang teu pernah "jadian", kuringna teu pernah "némbak" deuih. Tapi batur bangun surti, kuring duaan geus dianggap pasangan. Deukeut leuwih ti deukeut. Basa mamah gering parna, Sri nu purah bulak-balik ngaulaan bari nyuluran ngurus dua adi kuring nu laleutik keneh. Mamah dipiindung, da mamahna Sri geus ngantunkeun ti payun. Nalika mamah tilar dunya sababaraha waktu katukang, Sri ceurik gagaukan, asa dua kali ditingggalkeun ku indung meureunan.
Réngsé acara sérén sumérén, nincak acara rapalan. Pangantén awéwé diogan bijil ti imah.
Sri kaluar, kuring ngalieuk, haté ngalenyap ....
Artikel Terkait
Topi Surga, Tentang Kebohongan Abu Nawas
Abu Nawas Akan Terbang, Kritik Sosial yang Masih Relevan Hingga Saat Ini
Fiksimini Sunda: Pageuh
Sinopsis Attack on Titan Final Season Part 2 Episode 1 : Pengkhianatan yang Bertubi-Tubi
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Sinopsis Attack on Titan Final Season Part 2 Episode 2 : Mencegah Bersatunya Dua Bersaudara yang Berbahaya