jabaribernews.com --
Imbreung ....
Rombongan pangantén lalaki nepi di hareupeun lawang gapura pangantén awéwé, sora degung nu ngangkleung ti isuk mula ganti Solawat Marhaba.
"Ah, teu resep sésérahan téh teu momobilan heula." Haréwos Wa Tuti ka Ceu Édah.
Kuring teu maliré nu tingkucuwes di tukangeun. Sabodo barina gé saha nu nitah nganteur. Geus karuhan ieuh imah kuring jeung imah Sri téh teu sirikna sataweuran. Panto imah kuring ka panto imah Sri ukur sapuluh méteran.
Wa Tuti mah ti kamari pok deui-pok deui: "Teu kudu dianteur lah, deukeut ieuh. Jaba geus jebrog, ludeung sorangan." Cenah, bari tuluy tingcikikik jeung nu keur marasak.
Baca Juga: Basa Sunda Diusik, Urang Sunda Ngulisik, Buntut Pernyataan Arteria Dahlan yang Meresahkan
Acan rupa-rupa panglédék séjén ti séjén jinis. Enya gé teu langsung hareupeun kuring, tapi da kadéngé, ongkoh siga nu ngaharajakeun kétang.
Malahan ti peuting mula tukang sonsistem di imah Sri ngahajakeun muter lagu "Pacar Lima Langkah", sakapeung ukur diseling ku "Abégé Tua". Nepi ka bosen, nepi ka laguna kaapal cangkem. Haté mah hayang protés, tapi dipikiran deui asa lain pihadéeun.
Gék, kuring jeung anggota rombongan pangantén diuk di tempat nu geus disadiakeun. Teu ragab sup kadieu téh da tileuleutik oge purah idek liher di imah Sri. Bubuhan kuring jeung Sri téh sapantaran. Sakola ti SD, SMP, SMA babarengan.
Ongkoh indung kuring jeung indung Sri siga nu ngahaja silih pihapékeun. Kamana-mana weléh kudu bareng. Dititah kuliah ogé kuring mugen, alesana da Sri ogé henteu. Kalah milu lumur-lamar gawé ka minimarkét. Sri mah tuluy katampa gawé, ari kuring basa aya panggilan tésting kalah gering. Tungtungna ku Bapa kalah titah babantu pagawéanana di pabrik pangragajian kai. Sakituna mah usaha Bapa téh minangka rada maju, kana jual-beuli kai.
Baca Juga: Netty Prasetiyani Minta Pemerintah Akui Eksistensi Pekerja Rumah Tangga
"Heug atuh moal kuliah mah diajar usaha wé jeung Bapa. Da isukan gé meureun keur saha-saha kénéh ari lain ku maranéh mah diurusna." Ceuk Bapa harita.
Tapi dasar kuring kuled, nuturkeun téh nuturkeun wé wungkul, bari jeung gawéna mah can bisa-bisa. Loba luntang-lantung wé nu puguhna mah.
Boga gawé éta gé, jadi tukang antar-jemput Sri ka tempat gawé. Geus jadi kacapangan unggal poé. Komo mun Sri bagian balik peuting, méméh tutup gé geus nangkring kuring mah di parkiran. Sri ukur gogodeg.
"Na rék kieu waé, Sép, hirup téh?" Tanya Sri hiji peuting basa keur diboncéng.
Artikel Terkait
Topi Surga, Tentang Kebohongan Abu Nawas
Abu Nawas Akan Terbang, Kritik Sosial yang Masih Relevan Hingga Saat Ini
Fiksimini Sunda: Pageuh
Sinopsis Attack on Titan Final Season Part 2 Episode 1 : Pengkhianatan yang Bertubi-Tubi
Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan
Sinopsis Attack on Titan Final Season Part 2 Episode 2 : Mencegah Bersatunya Dua Bersaudara yang Berbahaya