• Selasa, 26 September 2023

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

- Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

jabaribernews.com --  Tengah peuting malem welasan, marengan caang bulan narawangan, Odang asruk-asrukan, norobos kebon, milipir ti paimahan. Nu ditujuna imah Haji Jénal, juragan matrial.

Sabenerna Odang sangheuk kikieuan téh. Tapi rudet ngadéngé pamajikan nu ngécéplék waé, hayang meuli éta meuli itu, hayang boga ieu boga itu. Najan horéam kapaksa dilakonan. Da hasilna ogé mémang lumayan. Nu tiheula ogé mahi dipaké bekel sabulan, malah mah leuwihan. Da Odang mah teu hayang hirup méwah bro-broan, ukur hayang pangabutuhna kacumponan. Ngan pamajikanana ngurihit nempo modeu dangdanan batur nu weléh gunta-ganti. Babari pisan hareudang ku banda tatangga.

Anjog ka tukangeun imah Haji, nyulumun heula tukangeun rungkun, nalingakeun kaayaan. Sanggeus katempo aman, beretek nyampeurkeun panto dapur. Naplokeun awakna kana témbok. Gulusur... mapayan témbok.

Baca Juga: Indonesia Berada di Lingkaran Rawan Gempa Bumi The Ring of Fire

Bray! Odang ngejat. Aya cahaya nu nyorot kana awakna.

"KAPANGGIIIH!!! YEUH DI DIEU!!!" Corowok jalma nu nyorotkeun sénter.

"DI MANA, EUY?!!!"

"TÉWAAAAK!!! TÉWAAAAK!!!"

Odang rungah-ringeuh. Cilaka! Geuning loba jelema?!

Cerelet! Odang lumpat, norobos rungkun remek beling.

"Kabur, euy! Pegatan ti béh dinya!"

"KADÉ LOLOS! KEPUUUNG!"

Jalma patinggorowok ti ditu ti dieu. Sénter patingbaranyay. Odang bingung, linglung. Manéhna katingker, geus euweuh jalan pikeun kabur. Suruduk kaditu, gok! suruduk kadieu, gok! Odang ukur kuralang-kuriling bari nguak-nguik jeung sesegrok.

Baca Juga: Saling Tampar, Begitulah Cara Senior Pramuka SMAN 1 Ciamis Membentuk Karakter

"Tuh! Nyulumun kana dapuran tangkal cau!"

Halaman:

Editor: Iim Nurhalimah

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Fiksimini Sunda: Dina Mangsana Balik.

Jumat, 28 Januari 2022 | 19:37 WIB

Fiksimini Sunda: Mabok Sabu

Kamis, 27 Januari 2022 | 09:08 WIB

Fiksimini Sunda: Ririwa Era Parada

Selasa, 25 Januari 2022 | 22:04 WIB

Fiksimini Sunda: Ngadadak Piral

Senin, 24 Januari 2022 | 14:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nalika Lilir Tengah Peuting

Jumat, 21 Januari 2022 | 02:47 WIB

Fiksimini Sunda: Jatukrami

Rabu, 19 Januari 2022 | 08:48 WIB

Fiksimini Sunda: Nu Ngasruk Handapeun Bulan

Senin, 17 Januari 2022 | 18:04 WIB

Terpopuler

X