jabaribernews.com -- pupujian téh nyaéta hiji tradisi kaagamaan nu tumuwuh di Tatar Sunda tur étnis lianna di Nusantara.
Eusi pupujian mangrupakeun basa ugeran pikeun muji ka Allah SWT, Shalawat jeung riwayat Rasulullah SAW, atawa eusi pangajaran ngeunaan bagbagan fiqih jeung bab lianna.
Aya ogé pupujian nu eusina umajak pikeun ibadah. Saperti pupujian nu biasa di nadhomkeun saméméh adan pikeun ngajak Sholat.
Baca Juga: Tips Memasak Sayuran Agar Manfaatnya Maksimal
Diantara pupujian anu paling umum nyaéta pupujian 'Eling Eling Umat' nu unina saperti kieu:
Éling-éling umat
Muslimin Muslimat
Hayu urang berjama'ah Shalat .... (Duhur, Asar, Magrib, Isya)
Hiji kawajiban urang keur di dunya
Kanggé pibekeleun jaga di Akherat
Atawa pupujian 'Kakuping Soara Adan' nu sapertos ieu:
Kakuping soara adan
Di masjid ti katebihan
Singhoréng téh ngawartosan
Ngajak Sholat babarengan
Ulah sok Sholat di imah
Salagi aya masjid mah
Pribumi atawa sémah
Salagi taya udur mah
Baca Juga: Cara Mudah Menghafal Nama-Nama 25 Nabi dan Rasul
pupujian eling-eling ummat ogé kungsi dilagukeun ku rapper Ebiet beat A kalayan lirikna kieu:
Éling-éling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjama'ah
Solat, solat, solat
Éta kawajiban urang keur di dunya
Kanggé bekel jaga urang di ahérat
Urang tos terang sadayana
Nu namina muslim téh saentos ngucapkeun
ngikrarkeun dua kalimat syahadat
Teras urang ngalaksanakeun
kawajiban solat nu lima waktu
Kedah tepat waktu, ulah hilap ulah telat
Kumargi solat tos kaliwat moal tiasa deui uih sapanjang hayat
Éta solatna genah tumaninah, teu kedah rusuh
Komo deui lamun solatna asa diburu-buru
Solatna lamun tiasa mah kedah khusu
Manjatkeun do'a nu dipanuju ka Allah robbanawalakalhamdu
Ya Allah mugia du’a-du’a nu ku urang dipanjatkeun dikabulkeun
Baca Juga: Khoirul Anam, Si Cepot dari Magelang
Yu mangga urang sadayana
urang lereskeun solat urang sadaya
Subuh, Lohor, Asar, Magrib, sareng Isa
Ulah hilap ku urang dilakukeun
Kumargi éta kawajiban
Sareng solat téh tihangna agama
Sing saha-saha jalma nu ngadegkeun solat
Berarti jalma éta ngawangun agama
Artikel Terkait
Inilah Solawat Qomaril Wujud, Solawat yang Bila Diamalkan Akan Menyebabkan Doa Terkabul
Ayat Kursiy, Ayat Pelindung Menghalau Berbagai Macam Gangguan dan Kegalauan
10 Malaikat yang Harus Diketahui dan Diimani Umat Islam
Al-Qur'an Surat Al-Mu'minuun ayat 1-11, Ciri-Ciri Orang Mu'min yang Beruntung
Shalawat Tibbil Qulub, Penyembuh Hati yang Tersakiti
Jagalah Wudhu, Perhatikan Syarat sah, Fardhu dan Sunatnya