jabaribernews.com -- Kacaritakeun aya hiji kulawarga, salaki jeung pamajikan, anu rumah tanggana kasebutna awét rajét, purah paséa.
Mindeng pisan hung-héng pagétréng, sakapeung parabot dapur brong-brang tingkalayang, untung wé imahna nenggang jauh ti tatangga, teu matak ibur salembur. Najan kitu teu weléh pageuh ngahiji nepika boga anak hiji.
Sanggeus boga anak, pangadatan angger teu robah, meus-meus hoghag, sakitu hareupeun anakna nu geus nincak umur 6 taun.
Baca Juga: Saling Tampar, Begitulah Cara Senior Pramuka SMAN 1 Ciamis Membentuk Karakter
Hiji poé, waktu keur gur-ger paraséa di dapur, alatan béak kasabaran si salaki nampiling pamajikanana sataker kebek nepika éta awéwé nyuksruk, tarangna neunggar juru hawu, ngocéak, tuluy kusek teu usik-usik.
Salakina reuwaseun, dirampaan téh pamajikana ngulahék teu empés-empés.
"Alah! Cilaka!" Geumpeur, rampang-reumpeung. Untungna harita anakna euweuh keur ulin.
Layon pamajikana geuwat diabuskeun kana karung, tuluy dipanggul dibawa ka leuweung nu langka kasaba ku jalma.
Baca Juga: Indonesia Berada di Lingkaran Rawan Gempa Bumi The Ring of Fire
Sanggeus nepi, manéhna ngali taneuh, tuluy éta mayit dikubur jeung karung-karungna.
Manéhna leumpang balik bari mikiran pijawabeun kumaha mun anakna néangan indung. Mun batur nu nanya mah cukup ku ditémbal kabur wé, moal teu palercayaeun.
Nyampak téh budak geus aya di imah, melongkeun bapana bari nyureng siga aya nu rék ditanyakeun. Tapi teu pok, bangun sieun sabab apal adat bapana nu sok sahaok gaplok.
Buru-buru wé bapana nitah dahar, mun nanyakeun indungna rek dibéjakeun wé keur meuting di batur, kitu pikirna.
Baca Juga: Lirik Lagu Gali Lobang Tutup Lobang Kritik Sosial ala Rhoma Irama Pada yang Gemar Berhutang
Tapi tepi ka isuk budak téh haré-haré. Ngan mindeng maling rérét ka bapana. Bapana rada gimir, boa-boa budak téh nganyahoankeun basa indungna ditelasan. Kumaha mun kitu? Kumahakeun ieu budak?
Artikel Terkait
Kanyaah Indung
Wangsit Siliwangi
Kabandang ku Kuda Lumping Buku Sunda Kénging Ahmad Bakri, Balukar Keur Budak nu Hésé Diatur
Topi Surga, Tentang Kebohongan Abu Nawas
Abu Nawas Akan Terbang, Kritik Sosial yang Masih Relevan Hingga Saat Ini
Ymir Fritz, Tokoh Kunci Pembawa Malapetaka di "Attack on Titan."
Nadhom Syafaatul Uzma Paciweuhna Manusa Néangan Pitulung di Padang Mahsyar