jabaribernews.com -- Syafaatul Udzma anu hartina syafa'at anu panggedé-gedéna téh nyaéta syafaat anu diparinkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW keur sakumna manusa nalika dihudangkeun di Padang Mahsyar sabada poéan Yaumul Akhir atawa kiamat Qubro.
Eusi Syafaatul Udzma nyaéta pameredih ti Kanjeng Rasulullah Sallallaahu'alaihi Wasallam ka Gusti Allah SWT. sangkan Allah ngageurakeun Hisaban.
Dina riwayat, nalika manusa-manusa kasiksa ku kasieun jeung panasna Padang Mahsyar, maranéhna ménta pitulung ka sakumna Utusan Allah. Ngan Aranjeuna teu nyanggupan. Ukur Kanjeng Nabi Muhammad nu jadi harepan balaréa.
Baca Juga: Jangan Buang Air Cucian Beras di Rumah Anda, Karena Banyak Manfaatnya
Ku para Ulama, riwayat kajadian di Padang Mahsyar éta dianggit dina wangun pupujian atawa Nadhom Syafa'atul Udzma:
Lumpat sakabéh jalma
Diudag-udag naraka
Taya pisan nu ngabéla
Anging amal keur di dunya
Lumpat sakabéh jalma
Muruna ka Nabi Adam
Ménta tulung jeung sapa'at
Nabi Adam téh ngadawuh:
"Aduh, karunya teuing,
Boro-boro nyapa'atan
Kaula gé eukeur susah
Tuh sugan ka Nabi Nuh."
Lumpat sakabéh jalma
Muruna ka Nabi Nuh
Ménta tulung jeung sapa'at
Nabi Nuh téh ngadawuh:
"Aduh, karunya teuing,
Boro-boro nyapa'atan
Kaula gé eukeur susah
Tuh sugan ka Nabi Ibrohim"
Baca Juga: Pangguyangan yang Masih Menyimpan Sisa-Sisa Keangkeran Masa Silam
Lumpat sakabéh jalma
Muruna ka Nabi Ibrohim
Ménta tulung jeung sapa'at
Nabi Ibrohim ngadawuh:
"Aduh, karunya teuing,
Boro-boro nyapa'atan
Kaula gé eukeur susah
Tuh sugan ka Nabi Musa."
Lumpat sakabéh jalma
Muruna ka Nabi Musa
Ménta tulung jeung sapa'at
Nabi Musa téh ngadawuh:
"Aduh, karunya teuing,
Boro-boro nyapa'atan
Kaula gé eukeur susah
Tuh sugan ka Nabi Isa."
Lumpat sakabéh jalma
Muruna ka Nabi Isa
Ménta tulung jeung sapa'at
Nabi Isa téh ngadawuh:
"Aduh, karunya teuing,
Boro-boro nyapa'atan
Kaula gé eukeur susah
Tuh sugan ka Kanjeng Nabi"
Baca Juga: iPusnas, Perpustakaan dalam Genggaman, bagian 1
Lumpat sakabéh jalma
Muruna ka Kanjeng Nabi
Ménta tulung jeung sapa'at
Kanjeng Nabi teras sujud
Sujud ka Hyang Agung
Nyuhunkeun sapa'at Gusti
Gusti Allah téh nimbalan
Pék ku anjeun sapa'atan
Cengkat tina sujud
Kanjeng Nabi téh ngoréjat
Narajang naraka galak
Naraka ampun careurik
Hanjat ka méja héjo
Kanjeng nabi ngahukuman
Dina waktu genep zaman
Jalma réngsé sadayana ***
Artikel Terkait
Inilah Solawat Qomaril Wujud, Solawat yang Bila Diamalkan Akan Menyebabkan Doa Terkabul
Ayat Kursiy, Ayat Pelindung Menghalau Berbagai Macam Gangguan dan Kegalauan
Ijazah Rizki Lancar dari Abah Habib Luthfi, Pendek tapi Luar Biasa!
Fadilah dan Keutamaan Surat Yasin Tak Hanya Sekedar Untuk Tahlilan
10 Malaikat yang Harus Diketahui dan Diimani Umat Islam
Al-Qur'an Surat Al-Mu'minuun ayat 1-11, Ciri-Ciri Orang Mu'min yang Beruntung