Gunung Galuh pernahna di Kampung Gunung Yasa, Desa Sindangrasa, Kecamatan Ciamis, Kabupaten Ciamis. Masarakat teu apaleun pangna ieu pasir disebut Gunung Galuh.
Ti baheula oge sakanyaho warga geus disebut Gunung Galuh. Ceuk warga deui, Gunung Galuh teh boga harti nu mandiri keur masarakat sabeudeureunana.
Tina kituna Bupati ka-15 Ciamis, Raden Adipati Adikusuma nu jeneng bupati lilana 20 taun, ti taun 1819 tepi ka taun 1839, teu weleh ngagelar acara ritual ngabungbang sataun sakali, unggal tanggal 14 Mulud.
Baca Juga: Kala Sunda, Kalender Sunda, Leuwih Kolot Batan Kalender Masehi
R. Adipati Adikusuma dikurebkeunana oge di Gunung Galuh.
Lian ti R. Adipati Adikusuma, penasehat hukumna, Eyang Syeh Kiai Bagus Satariah, oge dikurebkeunana di Gunung Galuh.
Ku kituna Gunung Galuh tambah ‘simaan’, boh R. Adipati Adikusuma boh Kiai Bagus Satariah teh tokoh penting.
Dina sajarah Kabupaten Ciamis, R. Adipati Adikusuma teh kacatet salahsahiji bupati nu gede jasana keur masarakat.
Bupati nu ngutamakeun karukunan, kasatuan, kaadilan jeung karaharjaan masarakat, anu diutamakeunana kapentingan masarakat, lain kapentingan pajabat atawa pribadi.
R. Adipati Adikusuma, dibantuan ku Eyang Syeh Kiai Bagus Satariah, naratas nyusun adminitrasi kanagaraan.
Baca Juga: Wangsit Siliwangi
Nyadiakeun sawah kalungguhan keur kapala desa jeung aparat desa sejenna, nyieun iragasi keur nyaiaan sawah jeung balong.
Anu ngahijikeun Kabupaten Panjalu jeung Kawali oge inyana pisan.
Memeh taun 1820, Panjalu jeung Kawali teh pamarentahan kabupaten.
Ku R. Adipati Adikusuma, Panjalu jeung Kawali dirobah jadi kawadanaan sarta jadi bawahan Kabupaten Galuh.
Artikel Terkait
Elon Musk Manusia Paling Kaya di Dunia, Iron Man di Dunia Nyata
Ketika Seni Kontemporer Iwan R. Ismael Memerlukan Air, Api, dan Kopi yang Dibakar dengan Kopi
Gus Baha, Deeway Gembel, Alip Ba Ta, dan Mardigu Wowiek
Basabasi, Booming Sastra, dan Kegalauan Google Map
Gedung Saté, Bangunan Eksperimen Arsitek Belanda, bagian 1
Ijazah Rizki Lancar dari Abah Habib Luthfi, Pendek tapi Luar Biasa!