• Jumat, 29 September 2023

Kala Sunda, Kalender Sunda, Leuwih Kolot Batan Kalender Masehi

- Jumat, 31 Desember 2021 | 18:59 WIB
Kalender Sunda, bulan munggaran: Kartika.*
Kalender Sunda, bulan munggaran: Kartika.*

TAUN anyar dina Kala Sunda, teh tanggal 1 Suklapaksa (paro caang) Kartika. Taun anyar Kalender Sunda bulan Juli 2021 kamari.

Mun leukeun diitung mah Kala Sunda saenyana leuwih ti 1943 taun. Sunda, budayana, dumasar arkeologi geus aya leuwih ti 100.000 taun.

Lain rek pakolot-kolot supa. Tengetan sing daria; anu dumuk di basisir talaga Bandung purwa, kira-kira 125.000 taun SM (Samemeh Masehi) geus mikawanoh budaya cor logam (metalurgi) keur ruruhit tumbak atawa panah.

Bandingkeun jeung jaman Megalitikum nu karek mucunghul kurang leuwih 5000-10.000 taun SM.

Bisa jadi Sunda teh sajaman jeung Benua Atlantis nu geus carem (the lost continental).

Baca Juga: Flame of Recca, Cerita Seorang Ninja yang Terdampar di Masa Kini, Namun Kalah Populer Oleh Naruto Uzumaki.

Ceuk panalungtikan arkeolog Amerika Selatan, Prof. Arysio Nunes dos Santos, ieu benua teh perenahna di Laut Jawa ayeuna.

Plato, pilsuf Yunani nyebutkeun di Benua Atlantis kungsi hirup bangsa Lemuria. Geura, apan Lemuria teh bisa dihartikeun lembur dia.

Ayeuna mah urang ngorakeun bae Sunda teh kakara 2000 taun. Agul ku payung butut?

Butut teh identik jeung buhun, antik, tapi urang Sunda mah teu nyaho boga payung-payung acan.

Kumaha rek ngaguar jati diri atuh? Teu aneh, anu rea kacaritakeun kiwari ukur dongeng Ki Mas Tanu nu pajar giruk ka Kumpeni.

Baca Juga: Gedung Sate Jadi Trand Mark Jawa Barat, Bisakah dijadikan Model Bentuk Arsiteklur Sunda? bagian 2 (Tamat)

Ku sabab no document, no history tea, jadi nu digugulung ku paraahli teh, cenah, data nu aya jeung dianggap soheh keur ukuran ayeuna.

Nu sejenna mah, dicap legenda, bari teu neuleuman sosio historisna.
Sajarah nu dipikawanoh ku masarakat teh ukur dianggap dongeng wungkul. Siliwangi wae apan aya di euweuhna jeung euweuh di ayana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Beureum Bodas na Harigu Indung

Sabtu, 26 November 2022 | 17:00 WIB

Ibing Paleredan Ngeuyeuban Penca Silat Nasional

Rabu, 16 November 2022 | 08:01 WIB

Fiksimini Sunda: Gamis Lebaran

Jumat, 15 April 2022 | 05:29 WIB

Fiksimini Sunda: Surat-Surat Tilu Puluh

Sabtu, 9 April 2022 | 05:00 WIB

Fiksimini Sunda: Nyanghareupan Puasa

Sabtu, 2 April 2022 | 11:35 WIB

Carpon: Lalampahan Darpan Neangan Ajengan

Selasa, 8 Maret 2022 | 18:10 WIB

Fiksimini Sunda: Nu ngaringkuk di Pos Ronda

Senin, 28 Februari 2022 | 21:19 WIB

Fiksimini Sunda: Hayang Tepung Taun

Selasa, 15 Februari 2022 | 10:00 WIB

Fiksimini Sunda: Satukangeun Kulawarga Pa Hartawan

Selasa, 8 Februari 2022 | 16:14 WIB

Rupa-Rupa Seuri dina Basa Sunda

Minggu, 6 Februari 2022 | 22:28 WIB

Fiksimini Sunda: Papanggihan

Sabtu, 5 Februari 2022 | 19:48 WIB

Fiksimini Sunda: Satengahing Sagara Tresna

Kamis, 3 Februari 2022 | 22:13 WIB

Fiksimini Sunda: Neang Cai

Rabu, 2 Februari 2022 | 19:06 WIB

Fiksimini Sunda: Kabagjaan nu Sampurna

Selasa, 1 Februari 2022 | 14:02 WIB

Terpopuler

X