SAKABEH turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna.
Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang.
Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna.
Mun ngaing datang teu ngarupa teu nyawara, tapi méré ciri ku wawangi.
Ti mimiti poé ieu Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana.
Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir!
Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui.
Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang!
Aya nu wani ngoréhan terus-terus, teu ngahiding ka panglarang, ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri.
Nyaéta budak angon, imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.
Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong, lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul.
Inyana jongjon ngoréhan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun.
Engké mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun.
Artikel Terkait
Penampakkan Gunung Kembar dari Luar Angkasa
Mpu Sakti dari Zaman ke Zaman, Bagian 1
Novel Hold Tight, Menyadarkan Kita Keluarga Harus Senantiasa Dipegang Erat
Ketika Seni Kontemporer Iwan R. Ismael Memerlukan Air, Api, dan Kopi yang Dibakar dengan Kopi
Sepeda Presiden, Mimpi Anak Papua yang Ingin Bertemu Presiden dan Mendapat Hadiah Sepeda
Gus Baha, Deeway Gembel, Alip Ba Ta, dan Mardigu Wowiek
Basabasi, Booming Sastra, dan Kegalauan Google Map