Ku: Iim Nurhalimah
Bada isya, budak awéwé umur 8 taun lulumpatan ti tungtung gang. Mulang ngaji ti masjid. Ari poé biasa mah mulangna sok bareng jeung bapana nu tas jamaah isya, kabeneran peuting ayeuna bapana keur nyanyabaan, kapaksa mulang sorangan.
Sanggeus tepi hareupeun panto bari haruhah-haréhoh, budak uluk salam bari keketrok. "Samikum!"
Euweuh nu némbal. Ti jero kadenge sora tipi mani tarik.
"Salamualikum!" leuwih tarik. Angger ukur patembalan jeung sora tipi.
Ku budak diajaran pantona disurungkeun, pageuh dikonci.
"Bundaaa...!" cenah, ngageroan awéwé nu kakara sabulan jadi indung téréna. Ditutungguan, angger euweuh nu muka. Koréléng, budak téh ka pipir, gegeroan deui tina panto dapur, kitu kénéh, balik deui ka panto hareup, keketrok deui bari semu rék ceurik.
Nu di jero mah sigana haré-haré, lalajo tipi, ngahaja ditarikkeun, api-api teu kadéngé. Deudeuh teuing geulis, aya ku teungteuingeun indung téré hidep. Ukur nyaah ka bapana hungkul, ka anakna mah nganggap runtah.
Bageur hareupeun wungkul. Tihayang-hayang meunangkeun bapana, bélaan maké sagala cara. Kaasup nandasa pamajikanana nu tiheula nepika taya dikieuna.
Watir nempo budak mimiti carindakdak, ti tadi nyerangkeun ti kaanggangan ahirna nyampeurkeun. Budak nu keur muntangan panyekelan panto ngalieuk, ngagebeg nempo indungna geus aya tukangeunana, buru-buru ngantelkeun curuk kana biwir, bari imut.
Panto disurungkeun lalaunan. Kulutrak, muka. Budak héraneun, melong. "Énggal kalebet" pok teh ku kényom hungkul. Budak asup bari teu eureun mencrong. Geuwat panto ditutup satengah dijeblugkeun.
Sora tipi nu titadi tarik ngadadak dilaunan. Tuluy kadéngé sora awéwé, "Balik jeung saha manéh?!" cenah kadéngéna téh.
"Nyalira." témbal budak.
"Saha nu bieu mukakeun panto?!"
"Mamah..."
....
Kadéngé sora pakgubra di jero.***